Béwara finalisasi Login Pamaké Tunggal

This page is a translated version of the page Single User Login finalisation announcement and the translation is 100% complete.
Pikeun warta panganyarna ngeunaan pamekaran ieu, baca mw:SUL finalisation.

Tim developer di Yayasan Wikimédia keur ngarobah cara gawé akun, salaku bagian tina tarékah pikeun nyadiakeun parabot anyar tur leuwih hadé pikeun para pamaké (contona émbaran meuntas-wiki). Pikeun ngarojong ieu parobahan, para pamaké kudu boga sandiasma anu sarua di mamana. Ku cara kieu, fitur-fitur anyar bisa dimekarkeun pikeun mantuan kontribusi anjeun. Pra-kondisi pikeun ieu nyaéta akun pamaké anu kudu unik di sakabéh 900 wiki Wikimédia.

Hanjakalna, sawatara akun kiwari hanteu unik di sakabéh wiki kami, tapi pagedrug jeung pamaké séjén anu boga ngaran akun sarua. Pikeun mastikeun yén sakumna pamaké bisa terus migunakeun wiki Wikimédia dina mangsa kasorang, sawatara akun dibéré tambahan “~” sarta ngaran wikina ditambahkeun dina tungtung ngaran akunna. Titimangsa pikeun ieu parobahan ditangtukeun ti bulan April 2015. Pikeun conto, pamaké anu sandiasmana "Conto" di Wikikamus Sunda bakal diganti ngaranna jadi “Conto~suwiktionary”.

Sakabéh akun bakal angger bisa dipaké, sarta bakal dicatet sagala sumbangan éditanana. Tapi, pamaké anu diganti ngaranna (anu bakal disuratan sacara pribadi) kudu migunakeun ngaran akun anu anyar pikeun asup log.

Ngaganti ngaran pamaké lokal geus dihapus pikeun nyegah akun anu global jadi patula-patali kusabab ganti ngaran lokal téa. Pamaké bisa ménta ganti ngaran maké Special:GlobalRenameRequest di wiki lokal atawa mundut leuwih jero pikeun ngaganti ngaran akun didieu di Méta, mun teu resep kana ngaran pamakéna.

Tempo ogé