Ulasan kagiatan admin/Béwara pikeun komunitas

This page is a translated version of the page Admin activity review/Notice to communities and the translation is 100% complete.

Please select a language and use the text without <translate> tags by using the button "View raw source":
View raw source

PENTING: ulasan kagiatan admin

Bagéa. Kawijakan ngeunaan dihapusna "hak leuwih" (administrator, birokrat, jsb.) geus diadopsi ku kasapukan komunitas global taun 2013. Dumasar kana ieu kawijakan, mandor (steward) mariksa kagiatan para administrator di sakabéh wiki Yayasan Wikimédia anu teu boga kawijakan inaktivitas. Sakanyaho kami, wiki anjeun teu boga prosés formal pikeun ngahapus "hal leuwih" ti akun anu teu aktip. Hartina, para mandor bakal ngurus ieu masalah luyu jeung ulasan kagiatan admin.

Kami geus mariksa yén sababaraha pamaké di handap geus asup kana kriteria inaktivitas (taya éditan jeung teu kungsi asup log leuwih ti dua taun):

  1. pamaké 1 (administrator)
  2. pamaké 2 (birokrat, administrator)
  3. pamaké 3 (birokrat)
  4. pamaké 4 (administrator antarmuka)
  5. ...

Para pamaké ieu bakal nampa wawar, ménta sangkan ngamimitian sawala komunitas lamun aranjeunna hayang kénéh nyepeng sababaraha atawa sakabéh hakna. Lamun henteu mairan, mangka hak-hak leuwihna bakal dicabut ku para mandor.

Upamana komunitas hayang ngokolakeun prosés ulasan kagiatan sacara mandiri, hayang nyieun kaputusan anu béda ngeunaan nu nyarepeng hak leuwih, atawa geus boga kawijakan anu teu kapariksa ku kami, mangga iberan para mandor di Meta-Wiki sangkan kami teu neruskeun ulasan hak di wiki anjeun. Nuhun,