Béwara finalisasi Login Pamaké Tunggal/Béwara RenameUser

This page is a translated version of the page Single User Login finalisation announcement/RenameUser announcement and the translation is 100% complete.


Finalisasi login pamaké tunggal (single-user login, SUL) téh sangkan unggal éditor Wikimédia boga akun global tunggal anu dipikawanoh di sakabéh proyék. Sanggeus katunda lila, ayeuna mimiti dikeureuyeuh ku birokrat, steward, jeung insinyur Yayasan Wikimédia. Ieu ogé bakal muka lawang kana dimekarkeunana parabot meuntas-wiki sarupaning émbaran jeung pangawasan global. Tug nepi ka ayeuna, hanca finasisasi SUL henteu diwates waktu.

Ieu prosés ngawengku sakabéh prosés ganti ngaran jadi prosés ganti ngaran global. Salah sahiji prosés dina hambalan kahiji, kawenangan birokrat lokal pikeun ngaganti sandiasma di ieu wiki bakal dicabut Senén, 15 Séptémber 2014. Pangganti ngaran global keur disusun pikeun mastikeun yén sadaya proyék jeung basa kagarap. Prosés ieu geus dibéwarakeun ka sakabéh birokrat tilu minggu kaliwat dibarengan ku uleman pikeun milu aub mantuan. Réréongan jeung 'steward', pangganti ngaran global bakal diberdayakeun pikeun mantuan éditor ngapimilik sandiasma global.

Sabot kitu, mangga buka Special:MergeAccount pikeun ngahijikeun akun anjeun upami acan. Lamun kaca lokal ngeunaan ganti ngaranna masih anu heubeul, mangga anyarkeun sarta rojong pikeun mundut di m:SRUC, utamana lamun ieu proyék teu boga birokrat anu boga kawenangan ganti ngaran global. Lamun aya nu kurang jelas, baca leuwih lengkepna di kaca pitulung di Meta. Anjeun bisa ogé nuturkeun kamajuan téhnis di mediawiki.org. Tepungan di Meta iraha baé. Hatur nuhun kana perhatosanana.