Wikisource
Wikisource nyaéta hiji proyék Wikimédia pikeun ngawangun pabukon tulisan/téks bébas. Mitembeyan taun 2003, mimitina mah disebut "Proyék Sourceberg" (nyolédatkeun tina proyék non-Wikimédia nu saméméhna geus aya kalawan tujul anu sarupa, Proyék Gutenberg), kiwari ngarancabang kana rupa-rupa basa dina taun 2005. Kiwari, pabukon Wikisource ngimahan buku, nopél, éséy, dokumén sajarah, sajak, surat, biantara jeung dokumén lianna, naon baé sapanjang bisa medal dina panangtayungan lisénsi kontén nembrak CC-BY-SA.
Ngaran, Slogan, Lambang
- Tingali grafik multibasa "Wikisource – Pabukon Bébas", pikeun ngaran proyékna jeung slogan dina welasan basa.
- Logo Wikisource kungsi robah. Mimitina gambar .jpg (sakumaha katempo di luhur), tapi kiwari jadi gambar .svg gunung és (sakumaha katempo di punclut ieu kaca).
Béréndélan Wikisource
Ieu minangka béréndélan subdomain basa Wikisource. Tempo Wikisource:Languages pikeun béréndélan basa anu can boga subdomain sorangan; diimahan di Wikisource multibasa.
Sumber Luar, bisa diruntuykeun sacara dinamis luyu jeung kriteria anu dipilih, ngamutahirkeun manéh unggal genep jam ku cronjob.
Sumber Luar, ngahasilkeun wikisyntax, anu sacara manual ditéplakkeun dina ieu kaca.
- These statistics are updated four times a day. See commons:Data:Wikipedia statistics/data.tab for the date/time of last update.
Totals | Text units | All pages | Edits | Admins | Users | Active users | Files |
---|---|---|---|---|---|---|---|
All active Wikisources | 5.648.696 | 18.781.799 | 61.464.100 | 324 | 4.696.315 | 2.308 | 108.060 |
Wikisource Alemanik, Prisia Kalér, Bavaria jeung Rhine Franconia
Wikisource Alemanik dijieun salaku rohang ngaran anu misah di Wikipédia Alemani: Alemannischi Textsammlig (Wikisource) pon kitu ogé, Wikipédia Frisia Kalér, Wikipédia Bavaria, jeung Wikipédia Rhine Franconia ngadopsi proyék Wikisource dina rohang ngaran Text
: Nordfriisk Bibleteek, Boarische Text, Rheifränggische Tegschdsommlung.
Sawala historis
Mangga buka kaca sawala.