Tantangan WikiTeroka 2.0

This page is a translated version of the page Tantangan WikiTeroka 2.0 and the translation is 98% complete.
Outdated translations are marked like this.
Spanduk WikiTeroka 2.0
Spanduk WikiTeroka 2.0
Wilujeng Sumping di kaca Tangtangan WikiTeroka 2.0!
"W"
ikimédia Indonésia ngayakeun deui saémbara nulis husus di Wikipédia basa daérah kalawan judul WikiTeroka 2.0. Aya 5 basa daérah di Indonésia anu miluan ieu saémbara, nyaéta basa Jawa, Minang, Sunda, Banjar, jeung Gorontalo.

Ayana ieu tangtangan téh mimitina tina rasa hariwang yén loba basa daérah anu kurang diperhatikeun sarta ahirna leungit. Hal ieu nyababkeun lunturna budaya sarta jajatén masarakat. Salian ti éta, masarakat ogé henteu percaya diri mun ngomong maké basa daérah. Ku sabab kitu, WikiTeroka 2.0 aya pikeun ngaronjatkeun kasadaran panyatur basa daérah pikeun ngamumulé basana dina wangun tulisan, sarta ngawangun Wikipédia basa daérah sangkan bisa méré mangpaat pikeun anu macana.

Catatan: Halaman ini merupakan halaman utama kompetisi dalam bahasa Sunda. Silakan klik pada tautan bahasa diatas untuk mengikuti kompetisi dalam bahasa daerah yang ingin Anda ikuti.


Tanggal penting

  • Pendaptaran jeung période tangtangan
    1–30 April 2021
  • Prosés ngajén artikel
    5 April–7 Mei 2021
  • Béwara pinunjul
    Minggu kaopat Méi 2021

Béjaan panitia

kompetisi@wikimedia.or.id

Hadiah

Hadiah pikeun 3 (tilu) urang anu ngumpulkeun poin panglobana dina WikiTeroka 2.0 basa Sunda bakal meunang voucer OVO/GOPAY anu nominalna:

Pinunjul   Rp1.000.000,00 (sajuta rupiah)
Pinunjul   Rp800.000,00 (dalapan ratus rébu rupiah)
Pinunjul   Rp500.000,00 (lima ratus rébu rupiah)

Salian ti voucer, 5 (lima) urang anu ngumpulkeun poin panglobana ogé bakal meunang suvenir husus ti Wikimédia Indonésia.

Katangtuan Umum

  1. Ieu tangtangan lumangsung ti tanggal 1 April - 30 April 2021.
  2. Tangtangan ieu sipatna individu.
  3. Anjeun wajib tumut kana kawijakan ruang ramah acara Wikimédia Indonésia.
  4. Warga Nagara Indonésia (WNI) sarta domisili di Indonésia.
  5. Umur minimal 17 taun nalika tangtangan dimimitian (per 1 April 2021).
  6. Anjeun teu bisa milu dina ieu tangtangan, saupama:
  7. Upama Anjeun aya kasusah dina hal téhnis jeung kawijakan, Anjeun bisa ngabéjaan panitia ngaliwatan surélék kompetisi wikimedia.or.id. Anjeun ogé bisa maca Kaca tanya jawab pikeun babaraha patalékan anu sok ditanyakeun.
  8. Panitia boga hak pikeun ngadiskualifikasi Anjeun upama ngaganggu kalancaran ieu tangtangan.
  9. Kawijakan panitia sipatna final sarta teu bisa diganggu gugat.

Katangtuan Téhnis

Katangtuan sistem ajén

  • Artikel dijieun ku Anjeun sorangan (lain ngamekarkeun artikel taratas), mimiti tanggal 1 April 2021 jam 00.00 UTC (07.00 WIB) nepi ka 30 April 2021 jam 23.59 UTC (1 Méi 2021 jam 06.59 WIB).
  • Artikel anu geus diajén bisa dibenerkeun nepi ka tanggal 1 Méi 2021 jam 06.59 WIB. Éditan lian dina artikel liwat ti waktu éta moal diajén.
  • Henteu ngalakukeun plagiarisme.
  • Artikel ditulis maké ragam basa loma sarta basa Sunda anu hadé tur merenah. Perhatikeun kana tanda baca, hurup déngdék, éjahan, sarta kapitalisasi.
  • Wajib méré rujukan anu bener unggal nambahan kontén sarta geus nyumponan katangtuan ieu. Upama maké rujukan tina ramatloka (situs wéb) warta/média massa, wajib maké situs wéb anu boga rédaksi anu jelas.
  • Unggal paragraf wajib boga minimal 1 rujukan anu bisa dipercaya.
  • Bisa narjamahkeun artikel ti Wikipédia basa Indonésia atawa Inggris.
  • Kontén atawa artikel anu teu nyumponan katangtuan moal diitung ku panitia.

Sistem ajén

  • Anjeun kudu nyieun artikel anyar anu katangtuanna:
    • Minimal 5.000 bita
    • Minimal 2 rujukan
    • Minimal 1 subjudul, salian ti rujukan/daptar pustaka/bibliografi
  • Unggal artikel anu dijieun bakal diajén dumasar topikna, anu katangtuanna:
    • Artikel kalawan topik bébas dibéré 1 poin.
    • Artikel kalawan topik budaya daérah Indonésia dibéré 5 poin.
    • Sakabéh artikel penting non-sains dibéré 5 poin.
    • Sakabéh artikel penting kalawan topik sains (alam jeung sosial) dibéré 10 poin.

Daptar artikel penting bisa ditempo runtuyanana dina kaca ieu: List of articles every Wikipedia should have/Expanded

Kalawan katangtuan
  1. List of articles every Wikipedia should have/Expanded/People teu kaasup kana katégori artikel penting.
  2. Kaasup kana katégori artikel penting non-sains
  3. Kaasup kana katégori artikel penting sains

Méré saran sarta menerkeun artikel pamilon séjén

Anjeun bisa meunang poin tambahan maksimal 3 poin ku cara méré saran sarta menerkeun artikel pamilon séjén di kaca obrolan artikel éta. Unggal artikel anu dibéré saran dibéré 0,5 poin. Katangtuanna:

  • Pamilon geus nyieun minimal 6 artikel.
  • Koméntar ditulis dina basa Indonésia.
  • Koméntar bisa ngeunaan basa, rujukan, sarta kontén. Pilihan lianna, Anjeun ogé bisa nambah rujukan sarta kontén minimal 500 bita.
  • Anjeun moal meunang ieu poin saupama henteu ngaklaim ngaliwatan ieu tutumbu di handap.

Cara ilubiung

  1. Daptar liwat tutumbu formulir di luhur.
  2. Mangga nyieun artikel anu luyu jeung katangtuan pasanggiri sarta dikumpulkeun liwat tutumbu anu aya.
  3. Panitia bakal mariksa sarta ngajén artikel anu geus dijieun ku Anjeun.
  4. Husus pikeun poin tambahan "koméntar jeung menerkeun artikel pamilon séjén", Anjeun kudu nyumponan katangtuan di luhur, sarta ngaklaimna liwat tutumbu anu aya.
Silakan kumpulkan artikel Anda pada pranala berikut:

Basa Jawa Basa Sunda Bahaso Minangkabau Basa Banjar Bahasa Hulontalo

Anda dapat memeriksa kiriman Anda pada pranala berikut:

Basa Jawa Basa Sunda Bahaso Minangkabau Basa Banjar Bahasa Hulontalo