This page is a translated version of the page Blocked user and the translation is 100% complete.

Pamaké dipeungpeuk nyaéta pamaké anu teu bisa ngaropéa, mindahkeun, atawa nyieun kaca sarta ngunggah berkas jeung peta lianna anu hakna dipimilik ku pamaké. Kuncén atawa nu lianna anu boga aksés antarmuka meungpeuk jeung muka peungpeuk teu bisa meungpeuk atawa muka peungpeuk nu séjén (iwal dirina sorangan) lamun keur dipeungpeuk.

Pamaké dipeungpeuk bisa kénéh muka jeung ngaropéa awaskeuneunana. Gumantung kana setélan anu dilarapkeun kana peungpeuk anu husus, pamaké ilaharna bisa ngaropéa kaca pamakéna jeung/atawa ngirim surél maké Special:EmailUser (ukur pamaké kadaptar).

Kuncén jeung Mandor bisa meungpeuk pamaké (teu kadaptar atawa teu asup log). Sysop global ogé bisa meungpeuk pamaké dina wiki anu dipilih dina wikisét sysop global. Kuncén atawa nu lianna anu boga aksés kana antarmuka meungpeuk atawa muka peungpeuk bisa, atawa teu bisa meungpeuk atawa muka peungpeuk batur atawa dirina sorangan nalika dipeungpeuk, gumantung kana kompigurasi wikina.

Baca ogé